Rumpaka Munggaran

Séptémber 10, 2009

Medal lalakon di dunia maya, ngangge wordpress bahasa sunda. Duka saha teu apal anu mintonkeun wordpress dina wanda bahasa sunda. Asa reuus tur gumbira, gening wordpress anu linuhung nyayogikeun wordpress bahasa sunda. cenahmah nembe aya ngawitan ti wordpress versi 2.8.

Gening pas ditalungtik diwiji-wiji, mung aya bahasa sunda hungkul bahasa daerah anu tos didamelkeun ku wordpress, salain bahasa indonesia tangtosna.

Naha nya beut kitu, naha nu gaduh wordpress kantos ka tatar sunda kitu janten rada katarik ngadamel wordpress bahasa sunda, atanapi aya alesan anu lain? naha teu mintonkeun bahasa jawa anu seeur pisan di Indonesia pamakena. Atanapi nu gaduh wordpress gaduh istri urang bandung kitu ?

Ah duka nya teu apal taroskeun we kanu gaduh wordpress. Menu na jiga kieu wordpress tina basa sunda mah, dipamerkeun ah sugan we aya nu kataji..hehehee :

Tah upami hoyong gaduh wordpress anu menu na ngangge bahasa sunda, tiasa download di http://su.wordpress.org, kangge anu gaduh hosting nyalira. upami nu ngangge wordpress.com mah cekap pas daptar na pilih bahasa sunda. langsung jreng we jiga blog ieu. Sakitu we heula ah bewara ka balarea, ke disambung deui kapayuna.

Hello world!

Séptémber 10, 2009

Welcome to WordPress.com. This is your first post. Edit or delete it and start blogging!


Follow

Get every new post delivered to your Inbox.